Friday, August 26, 2011

Ucapan Minal Aidin Bahasa Sunda


Wilujeng Sasih Siam
Kanggo Mamah sareng Kulawargi di Bumi.
Neda sih hapunten samudaya kalepatan
nu dihaja sinareng henteu.
Mugia ibadahna salawasna aya dina kamulyaan.

Ngahaturakeun wilujeng boboram siam 1 syawal 1432 H, bilih kantos nyungkelit dina ati, tugenah dina manah, kasiku catur, katajong omong ku pribados, mugi ridho ngahpunten samudaya kalepatan.

Bilih aya langkung saur bahe carek
Kaciwit kulit kabawa daging
Tunggul dirurut catang dirumpak
Nyungkelit ati teugeunah manah
Mudut pangampura
Wilujeung boboran siam

Wening galih nu dipamrih
Jembar manah nu dipilampah
Wilujeng boboran siam 1432H,
kalayan neda pangapunten tina samudayaning kalepatan

Sugrining runtah kalepatan dina manah
nyeuri peurihna ati sanubari
mugia lubar ku silaturahmi
Wilujeng boboran siam 1432 H
Taqobalallahu minaa waminkum

Sanajan raga paanggang, teu bisa amprok dampal panangan
Ngan saukur bisa ngirim surat, chating jeung SMSsan
Kalayan dibarengan ku kaihlasan, neda dihapunten samudaya kalepatan
“Taqobalallohu mina wa minkum syiamana wa syiamakum”
Wilujeng Boboran Syiam 1432H

****************************************

Kedaling rasa nu pinuh ke bangbaluh hate,
urang lubarkeun, ngawengku pinuh ku nyuuh,
meungpeung wanci can mustari.
Neda dihapunten kana samudaya kalepatan,
bilih kantos nyungkelit dina ati, kasiku catur,
katajong omong dina cariosan anu matak ngarahetkeun
kana manah, kumargi urang mah teu tiasa lumpat tina kalepatan sareng kakhilafan. Sim kuring ngahaturkeun Taqabalallahu
Minna Wa Minkum, Wilujeung Boboran Siam 1432 H
__________________________________________________

Wilujeng boboran siam 1 syawal 1432 H. Neda dihapunten tina samudaya kalepatan. Minal Aidin wal Faizin.

Urang palidkeun kapeurih ka sagala asih, urang lokat kalepatan ku tirta ning rahmat, urang sulam kembang kanyaah ku sutra hampura. wilujeng boboran siam 1432H.


• Komentar sesuai tema dan tidak mengandung unsur SARA dan Pornografi
• Komentar yang menyertakan link aktif, iklan, akan dimasukkan ke folder SPAM

EmoticonEmoticon